← Kembali ke Daftar LaguIbarat Raheut
Artis: Fajar Rudiansyah
Ibarat raheut, nu geus kabengkeut
Natrat nga gurat, teu laas peurih teu raat
Lir kacapuri nurihan ati,
Na sanubari, nyeseuit teu euih euih
Rasa kuciwa, nu nyaliara
Dina jero dada,
Naha beut hese pohona
Kasuat suat, anteng nga liwat
Ngabalebat, nu matak nyieun tibelat
Saliwatan dedeuh na masih karasa
Ngagupayan tali tresna nu baheula
Naha beut potret manehna nu masih aya
Padahal mah anjeun geus lain sasaha
Tumarima kana kadar nu kawasa
Beuki dieu beuki beurat gogoda na
Asih nu teu ilang ilang dina dada
Nakumaha pikeun mapalerkeunana